Thursday, March 7, 2024

Guguritan (Materi Kelas 8 Semester 2)

 

        Guguritan nya eta karangan anu ditulis dina wangun pupuh. kulantran henteu panjang, biasana mah dtulisna angan dina hiji pupuh, henteu gunta-ganti pupuh cara wawacan. Contona mah guguritan "Persib nu Kuring" jeung "Adat Jalma" di luhur, anu masing-masing ditulis dina pupuh Durma jeung Mijil.
        Ku lantaran ditulis dina wangun pupuh, tangtu we kudu nohonan patokan-patokan pupuhna anu ngawengku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana. Guru lagu nya eta sora tungtung dina unggal padalisan, ari guru wilangan nya eta jumlah engang dina unggal padalisan.
        Urang moal bisa nembangkeun atawa nulis guguritan upama henteu apal kana pupuh katut patokan-patokanana. Anu mantak, taya salahna upama ayeuna urang medar heula ngeunaan pupuh samemeh nembangkeun atawa nulis guguritan.
        Pupuh teh jumlahna aya 17, nya eta: 
  1. Kinanti
  2. Asmarandana
  3. Sinom
  4. Dangdanggula
  5. Maskumambang
  6. Pucung
  7. Mijil
  8. Durma
  9. Pangkur
  10. Magatru
  11. Ladrang
  12. Balakbak
  13. Gurisa
  14. Gambuh
  15. Wirangrong
  16. Lambang
  17. Jurudemung
        Unggal pupuh miboga patokan katut watek anu beda. Tangtu cara nembangkeunana oge beda deuih.